DAL DIL DOL lain JIL

          DAL DIL DOL Judul ieu tulisan mangrupa wancahan tina kecap “(DAL)-il”, “a-(DIL)”, “(DOL)-im”. Moal panggih mun diteang dina kamus mah. Kecap “dalil” nurutkeun kamus umum basa Sunda mah kecap ‘dalil’ ngandung harti nyaeta: ayat Al-Quran atawa Hadits nu jadi dasar hukum dina agama Islam, maksudna dasar hukum rupaning ibadah (mahdoh tur ghoer mahdoh) sarta muamalah. Pikeun Umat islam dina rangka ngalaksanakeun parentah islam teh henteu lesot tina dalil-dalil anu Qot’i nu aya dina Nash Al-Quran jeung Sunnah Rosul shalallohu’alaihi wasallam.

“Tembongkeun bukti (dalil) eta bebeneran Anjeun, lamun Anjeun enya-enya jalama nu balener” (QS. Al-Baqoroh: 111).

“Tembongkeun bukti (dalil) bebeneran Anjeun. Maranehna nyarahoeun yen bebeneran (haq) teh kagungan Alloh” (QS. Al-Qashas: 75).

“Satemenna Kami geus nurunkeun kitab ka Anjeun kalawan bener sangkan jadi dalil pikeun nanjeurkeun hukum di lingkungan masarakat dumasar pituduh Alloh nu diwahyukeun ka Anjeun” (QS. An-Nisa: 105).

Kecap “adil” ceuk kamus LBSSn ngandung harti teu beurat sabeulah atawa dina harti sejenna deui nyaeta merenah dina tempatna, maksadna merenahkeun hiji perkara dina tempatna. Dina ngalaksanakeun rupaning parentah agama (islam), dalil jeung adil teh teu bisa dipisahkeun, tegesna tiap-tiap lakuning ummat Islam henteu leupas tina dadasar dalil; anau mana eta dalil teh teu sapagodos dina kahirupan sapopoe, bo ibadahna boh muamalahna.

Dua perkara anu ngatur jalanna kahirupan saperti “akal” jeung “syar’i”, pada-pada boga tempat pikeun ngalarapkeunnana . Lamun eta dua perkara teh pacorok atawa pahili larap, eta disebutna teu adil. Upamana dina nalika migawe hiji pagawean; ngabahas hiji pasualan; ngitung jeung ngajumlah bilangan, mangka didinya akal nu bisa matotoskeun eta perkara. Ku ngagunakeun akal, sagala pasualan bisa diwilah-wilah jeung dibeberes sacara adil. Di dieu akal jadi ukuran ajen kaadilan, maksadna kaadilan diluar sare’at.

Dina kahirupan sapopoe nu wengkuannana salaku Muslim, akal jeung rasa atawa budaya jeung struktur sosial teu cumpon jadi ukuran kaadilan. Kaparipurnaan hiji Muslim dumasar kana alternatif katangtuan Alloh Subhanahu Wata’ala jeung Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wasallam. Dalil-dalilna aya dina Al Quran jeung Hadits, dimana akal jeung rasa, budaya jeung struktur sosial, adilna mah kudu narima jeung dilarapkeun dina kahirupan masarakat jeung nagara.

Pikeun tiap diri anu panginditanana tina dasar kayakinan nuu geus ditetepkeun sarta ditandeskeun dina Al Quran jeung Sunnah Rosul, yen dirina Muslim nu merenah kuduna kitu, alias adil tea. Eta nu hade jeung nu bener sarta teu perlu mikiran deui pikeun ngarobah jeung nambahan. Ditilik dina kayaan ayeuna urang sok remen ningali jalma-jalma ngarasa agul yen manehna bisa ngutak-ngatik hukum Al Quran jeung Hadits, hal ieu nandakeun yen elmuna pikeun mahaman Al Quran can timu, istilah urangna mah ‘sumogol’. Jalma nu heureut akalna, nu sungkan ngagunakeun pikiranana, ngukurna kaadilan teh ngan samet ukuran rasana jeung sipatan struktur budaya sosial. Tapi jalma nu jembar akalna daekngagunakeun pikiranana kalayan adil, ngukurna ajen kaadilan teh geus nepi kana tingkat ngalaksanakeun hukum Alloh Subhanahu Wata’ala katut Sunnah Rosul-Na.

Jadi kuayana pacorok kokod antara akal katut rasa jeung hukum nu geus pasti adilna ieu teh mangrupa panangtang kana katangtuan Alloh jeung Rosul-Na. pungsi akal pikeun ngajaga jeung ngandelan kaimanan. Ku daya hirupna akal pikiran baris kanyahoan jeung ngarti kana naon-naon nu didawuhkeun ku Alloh jeung Rosul-Na.

“Mangka prak muntang kana naon nu geus diwahyukeun ka Anjeun (Muhammad). Satemenna anjeun aya dina jalan nu lempeng bener” (QS. Az-Zukhruf: 43)

Kecap “Dolim” pikeun ummat Islam geus teu bireuk deui. Dina kamus LBSS, dolim teh ngandung harti resep nganyerikeun batur, resep ngajalankeun jeung mengkolkeun aturan, nyimpang tina kaadilan. Mengkolkeun aturan dina agama teh nyaeta ngalarapkeun harti atawa maksud dalil anu teu merenah atawa teu adil sabab kadorong ku kapentingan dirina atawa golonganana. Dalil nu dipake dasar mah ayat-ayat Al Quran, tapi nu jadi “bayanna” teh akal pikiran jeung adat budaya, sedengkeun kaidah nyebutkeun yen ayana katerangan Rosul teh mangrupa “bayyan” atawa katerangan ngeunaan kumaha kuduna ngalaksanakeun hiji perkara dina agama nu kaunggel dina Al Quran, boh ku ucapan, ku amal atawa ku taqrir Rosul. Jadi Ummat teu aya wewenang pikeun nyieun rupanig cara ibadah.

Upama dina Al Quran aya parentah “Dzikir”. Alloh marentah ka abdi-abdiNa sangkan ngalobakeun dzikir (Dzikron Katsiron). Dzikir di dieu hartina eling, contona ku ngalarapkeun kalimah tahlil, tasbih kitu deui tahmid sarta takbir. Malah ti mimiti hudang, dahar, miceun, manggih, balai jeung loba-loba deui. Jadi mahamkeun dzikron katsiron teh eling ka Alloh sapapanjangna. Cindekna dzikir ka Alloh teh teu gumantung kana lobana bingbilangan ucapan, tapi ku p[erilaku nu salalawasna henteu lesot tina tungtunan Alloh Subhanahu Wata’ala jeung Rosul-Na. []

***

gubahan tina tulisan: Otong Ibrahim

dicutat dina majalah Bina Da’wah No. 190 Sya’ban 1416 H – Januari 1996 kaca 74-75

Advertisements

Diskusi Yuuk? ~~

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s